You can easily invite all your friends to peperonity.com. When you log in or register with us, you can tell your friends about exciting content on peperonity.com! The messaging costs are on us.
DOKTER GIGI
"Pa kunaon saparantosna di gentos waos abdi upami ningali tulang sareng anu di pacilingan sok kumetap bari kumerot sari kabita" ceuk hiji pasen anu dua minggu ka tukang huntuna tas di ganti. Ngadenge pasena komplain kitu si dokter ngajawab kalem.
" Oh.. tangtos be Bu, margi waos ibu di gentosna ku bahan tina waos gogog!"
" Haa....! " Si pasen kaget tuluy ngalenggerek kapiuhan.
KARACUNAN
Di hotel Tyara Plaza Ciamis aya kajadian anu nimpa ka 2 urang pelanggan hotel anu tetela keur bulan madu. Eta panganten anyar teh Ijah (68) jeun Dira (75) duanana tiwas patunjang-tunjang.
Sanges di talungtik tetela duanana oge tiwas akibat karacunan.
Hasil pamariksaan polisi jeung ningali hasil visum dokter, menang kasimpulan yen lalakina tiwas akibat susu kadaluarsa, sedengkeun awewena tiwas akibat sosis kadaluarsa.
HELM
Deni urang cilame Ciamis tas ti Tasik kana motor. Tapi manehna teu make helm kusabab helmna ragrag tuluy kageleng mobil nepika ancur di Cikoneng. Kusabab sieun di tilang polisi Deni mawa barangbukti helm ancurna, di wadahan kana keresek.
Barang liwat ka alun-alun Ciamis manehna di cegat polisi. Manehna gancang nembongkeun helmna. Polisi ngarti, Deni di titah tuluy neruskeun lalampahan.
Nepikeun ka ayeuna deni lamun indit-inditan tara mawa helm cukup ku mawa sakeresek helm remuk. Teuing ngahaja teuing teu boga duit jang meulina.