3. Mangsa III (1800-1900 M) Dina ieu mangsa, basa Sunda ngawitan kaleubeutan ku basa Walanda, ngalangkungan para bupati sareung pagawé Walanda. Mémang harita mah wewengkon Sunda téh tos aya dina genggeman pamaréntah Hindia Walanda, nya harita medalna buku basa Sunda anu ditulis ku aksara Latén téh.
Basa Sunda ngawitan dijanteunkeun ulikan bangsa deungeun utamana bangsa Walanda, salian ti éta basa Sunda ogé ngawitan kaleubeutan basa Malayu deuih. Harita aya katangtosan ti bangsa Walanda sangkan bangsa pribumi, kaleubeut urang Sunda kedah ngagunakeun basa Malayu minangka lingua franca-na (contona aya dina Wawacan Panji Wulung taun 1876).